1. AL-QUR’AN
Qur‟an firman Pangéran
Dilungsurkeun sasih
Ramadhan
Eusina pituduh jeung pangajaran
Pikeun ngajak kana kaimanan jeung kasabaran
Ayat nu suci tur mulya
Jadi saksi umat manusa
Di saantero alam marcapada
Nu ngagimbung pinuh ku dosa
Bukti sareng jangji Pangéran
Kaunggel dina ayat-ayat Al-Qur‟an
Sanés jangji nu tacan kaciri
Tapi pakta anu tétéla nyata
Al-Qur‟an salah sahiji cara
Sangkan manusa ngajauhan tina dosa
Lamun yakin kana eusina
Pinasti jadi ahli sawarga
( Nurhalimah, kelas VIII A SMPN 1 Cingambul)
Kasang tukang ditulisna éta sajak téh nyaéta hayang méré gambaran ka sakabéh umat Islam
sangkan yakin kana eusi tur kaagungan Al-Qur‟an. Harepan tumuwuh kareueus jeung karesep
kana maca sarta ngamalkeun eusina.
2. GURU
Salira ngawulangkeun sagala hal
Salira ngadidik abdi nepi ka ngarti
Salira teu kantos ngarep-ngarep imbalan
Salira teh pahlawan tanpa tanda jasa
Abdi sadar, mindeng nyusahkeun Salira
Abdi terang, Salira teh capé ngawulang
Abdi ngarasa, Salira henteu putus asa
Abdi yakin, Salira ngatik tanpa pamrih
Mung ka Gusti abdi neneda
Supados ngaganjar kana jasa-jasa Salira.
Kasang tukang ditulisna éta sajak téh nyaéta ngagambarkeun rasa rumasa hiji murid nu geus
diatik dididik ku guruna kalawan tanpa pamrih.
3. BULAN
Mangsa beurang diganti ku peuting
Bulan mimiti nembongan datang
Cahyana caang gumilang
Nyingraykeun poékna peuting
Duh, bulan
Matak waas disawangna
Sinar anjeun hurung mancur
Nyaangan jagat buana
Duh, bulan
Anjeun éndah tanpa tanding
Mapaes ngéntépna béntang
Nu baganti ting kariceup tingkaretip
( Susi Novia, kelas VIII A SMPN 1 Cingambul )
Kasang tukang ditulisna éta sajak téh nyaéta ngagambarkeun pangalamanana dina mangsa
peuting keur meujeuhna caang ku bulan purnama.
4. PANASNA DUNYA
Panon anteb neuteup
Nangkeup dada bari nyanghareup
Ka langit nu angkeub
Haté pinuh ku kaceuceub
Ceuceub ku nyongkabna dunya
Panas ku héabna dunya
Dunya nu mawa cilaka
Matak poho ka baraya
Dunya dipaké adigung
Dunya dipaké kumalungkung
Loba nu lat ka
Maha Agung
Tungtungna jadi kaduhung
Gering nangtung ngalanglayung
„
Na sanubari nguyungkung
Mikiran dunya taya tungtung
Antukna kalah ka linglung
( Erma Lasmawati, kelas IX A SMPN 1 Cingambul )
Nu ngarang ieu sajak hayang ngébréhkeun balukar tina dunya. Mun manusa geus kalimpudan ku
hawa dunya hirupna pasti sangsara. Dunya kudu disiar, tapi hirup ulah katungkul ku dunya.
PEDARAN
Di kelas VII atawa VIII hidep oge kungsi diajar ngarang sajak. Geura ilikan deui éta sajak
karya hidep téh. Sanggeus kapaham eusina, baca ku hidep di hareupeun babaturan. Pasti reueus
geura.
Maca sajak tangtu béda jeung maca karangan wangun lancaran (prosa) atawa maca
karangan wangun drama. Tapi, sacara umum mah sarua, nyaéta kudu bener ngucapkeunnana,
jéntré henteuna sora nu dikedalkeun, kendor tarikna sora (lentong), jeung robahna paroman.
Sajaba ti éta, sangkan leuwih alus dina maca puisi bisa improvisasi (ditambah ku kréatifitas
sorangan, upamana maké gaya, gerak, jeung sajabana).
MATERI PANGDEUDEUL
GAYA BASA
Titenan deui sajak di luhur!
Dina éta sajak aya kalimah:
1. Bulan mimiti némbongan deui.
2. panonpoé nyingraykeun poékna peuting.
Dua conto kalimah di luhur téh kaasup kana kalimah nu ditulis ngagunakeun gaya basa
Mijalma (personifikasi). Naon sababna? Pangna disebut kitu lantaran dina éta kalimah nu migawe
pagawéan ( némbongan jeung nyingraykeun ) téh lain jalma, tapi bulan jeung panonpoé. Sakur
barang anu pagawéanana diibaratkeun kana pagawéan jalma disebut mijalma.
Conto séjénna upamana baé : daun kalapa gugupay, sora suling ngabangingik, jeung sajabana.
Dina omongan atawa obrolan sapopoé sering kapanggih nu ngagunakeun gaya basa. Di antarana
baé aya nu ngagunakeun gaya basa rarahulan, rautan, ngasor, sindir, jeung réa-réa deui.
1. Gaya basa rarahulan, nyaéta gayabasa anu eusi kalimahna rahul, gedebul, kaleuleuwihi.
Padahal kajadian nu sabenerna mah teu kitu-kitu teuing.
Contona :
a. Saantéro eusi jagat bakal surti.
b. Manéhna ngajerit maratan langit basa bapana maot.
2. Gaya basa rautan, nyaéta gaya basa nu eusi kalimahna miboga tujuan sangkan nu diajak
nyarita teu ngarasa nyeri haté, lantaran kecapna dina éta kalimah geus diraut.
Contona :
a. Hapunten, putra ibu téh kirang dina matematika téh.
b. Punten, pangnungtunkeun Pun Aki, tos kirang titingalanana.
3. Gaya basa ngasor, nyaéta gaya basa anu eusina ngalaipkeun diri, handap asor, dépé-dépé.
Ucapanana teu adigung asa aing uyah kidul. Cindekna teu némbongkeun yén dirina
leuwih alus, leuwih beunghar, leuwih pinter, leuwih sagalana batan nu séjén.
Contona :
a. Ah, saung abdi mah ukur saageung pelok.
b. Abdi mah ngaos téh masih diajar alip-alipan kénéh.
4. Gaya basa sindir, nyaéta gaya basa nu eusina nepikeun hiji perkara tapi malibir teu
togmol. Cukup ku mangrupa sindir ogé jalma nu diajak nyarita bakal terus rasa, surti kana
maksudna.
Contona :
a. Pantes rék dipikangéwa oge da manéh mah gedé hulu.
b. Paingan loba kukupu, sihoreng di dieu téh aya malati nu sumedeng mekar..
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar